Minggu, 12 Mei 2013

Carita Wawacan

Filled under:


Ini beberapa pengertian dari Carita Wawacan


WAWACAN

Pengertian; Karangan anu ditulisna make patukan pupuh. Wawacan nyaeta carita anu ditulis dina wangun pupuh. Caritana panjang. Basa dina wawacan mah make basa ugeran, sabab kabeungkeut ku aturan pupuh tea.
Wawacan anu kasohor nyaeta wawacan purnama alam karangan R. Suria direja jeung wawacan rengganis karangan H. Abu ssalam (tarjamahan tina basa jawa)


Pengarang; R. Suria jeung H.Abu Salam
Tahun; 1997

Guru Wilangan jeung Guru lagu dina saban padalisan >>
Guru wilangan; aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, guru lagu; aturan rima akhir, serta watak tujuh belas Pupuh Sunda yang meliputi Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, dan Wirangrong beserta contoh dan lagunya.
Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung(wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna téh Guguritan atawa Dangding. Kecap ‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.


1. Asmarandana
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan
Contoh >
1. Éling-éling mangka éling [8-i]
2. rumingkang di bumi alam [8-a]
3. darma wawayangan baé [8-é]
4. raga taya pangawasa [8-a]
5. lamun kasasar lampah [7-a]
6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
7. badan anu katempuhan [8-a]


 2. Balakbak
Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.

Contoh>
1.Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
2.Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng          [19-é]


3. Dangdanggula

Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.

Contoh>
1. Méga beureum surupna geus burit [10-i]
2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
3. cikur jangkung jahé konéng [8-é]
4. naha teu palay tepung [7-u]
5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
6. ari ras cimataan [7-a]
7. gedong tengah laut [6-u]
8. ulah kapalang nya béla [8-a]
9. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
10.  kacipta salamina [7-a]


4. Durma
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa, gelut, atawa perang.
Contoh>
1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
2. geus dipasti ku jangji [7-i]
3. mun tacan laksana [6-a]
4. numpes musuh sarakah [7-a]
5. henteu niat seja balik [8-i]
6. najan palastra [5-a]
7. mati di médan jurit [7-i]


5. Gambuh

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku.

Contoh>
1. Ngahuleng banget bingung [7-u]
2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
4. panon poé geus rék surup [8-u]
5. keueung sieun aya méong [8-o]

6. Gurisa

Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.
Contoh >
1. Hayang teuing geura beurang (8-a)
2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
3. nagih kanu boga hutang (8-a)
4. mun meunang rék meuli soang (8-a)
5. tapi najan henteu meunang (8-a)
6. teu rék buru buru mulang (8-a)
7. rék tuluy guguru nembang (8-a)
8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

 7. Jurudemung
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.
Contoh>
1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
2. ku kersaning anu Agung [8-u]
3. geus pinasti panggih [6-i]
4. jeung dua rupa perkara [8-a]
5. senang paselang jeung bingung [8-u]


 8. Kinanti

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep atawa prihatin.
Contoh>
1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]
2. babaku ngapungna peuting [8-i]
3. nguriling kakalayangan [8-a]
4. néangan nu amis-amis [8-i]
5. sarupaning bungbuahan [8-a]
6. naon baé nu kapanggih [8-i]

 9. Sinom

Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna gumbira.
Contoh>
1. Warna-warna lauk émpang [8-a]
2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
5. warnaning lauk cai [7-i]
6. lalawak pating suruwuk [8-u]
7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]


0 komentar :

Posting Komentar